Lirik Laleur Hejo - Lala Widy



Lirik Laleur Hejo - Lala Widy  

Boga kabogoh hayang nu geulis
Boga kabogoh hayang nu modis
Beungeutna nu mulus siga artis jeung seu'eur acis

Gayana mah emang siga sultan
Tapi geningan loba samet'an
Di sampeurkeun kalah beubeuleucetan jeung poho ingetan

Matak wajar lamun manehna
Di runghal ku kabeh sa'antragana
Di poyokan ku kabeh babaturana
Teu kaop ningali nu herang saeutik
Panona ngadadak cenghar bunceulik
Teu kaop nempoan awakna montok
Ngahuleung teu ngicep bari olohok

Kabeukina unggal poe kur lalajo scrol tiktok
Ngahayal jiga nu boloho
Manehmah emang dasar
Laleur hejo lalaki hese jodo

Posting Komentar untuk "Lirik Laleur Hejo - Lala Widy "