Lirik Banondari - Azmy Z Feat Giri Harja Dua Putu
Lirik Banondari – Azmy Z Feat Giri Harja Dua Putu
*Khanha*
Eee banondari anu dénok anu montok
Matak moho matak pogot
Anu geulis mani amis nu éndah matak kabita duh euis
Ngan hanjakal eulis teh henteu kaopan
Gampil bendu mun kasinggung perasaan
Tutunjuk bari neuteuli nyarios meni nyoroscos
Céréwéd lir manuk toéd duh darling
Najan kitu diri nyai tetep narik
Imutna matak kapincut ilatna matak tibelat
Lambey ipis lir kuéh lapis mun digégél tangtu amis
Aduh tobat geulis
Asolali wa owa eng
Aso aso asolali wa owa eng
Asolali wa owa eng
Aso aso asolali wa owa eng
*Azmy*
Engkang sembaheun abdi narpati nu gagah sakti
Engkang téh jago ngarayu percéka mikat wanita
Teu perduli aya nu boga engkang
Di dunya taya duana pameget anu kawas engkang
Waruga jalugjug jangkung ngajedig halisna kerung
Purah ngudag ngudag bikang aduh engkang
Diraksukan ku henteu matut
Dilancingan ogé randutdut
Kumis cokrom buuk gondrong
Lir barongsay keur ngadangong
Aduh engkang
*Khanha*
Eee banondari ulah kitu cinta engkang téh saéstu
Lain cinta imitasi tapi cinta nu sajati
Cinta engkang mah teknologina canggih geulis
Cinta engkang dijamin moal rek luntur
Cintaku hanya untukmu
Dunya brana teu kabilang
Nendeun duit di unggal bank
Emas inten golondongan
Kop kabeh eta keur nyai
Bisi hayang pelesiran langlang jagat
Bari shoping ka unggal nagara
Ka jepang rejeng ka hongkong
Ka new york rejeng ka paris
Atawa rék ka cilincing
Pék atuh geura balaka kahayang pasti aya
Asal bener cinta ka akang
Aduh tobat geulis
Asolali wa owa eng
Aso aso asolali wa owa eng
Asolali wa owa eng
Aso aso asolali wa owa eng
*Azmy*
Engkang
Engkang téh geningan bodo ngarayu carana kuno
Nyombo bari ngolo ngolo
Engkang
Cinta sanés komoditi teu bisa dibeuli beuli
Najan ayeuna keur tréndi
Atawa ditawar tawar najan dibayar ku dollar
Abdi mah da henteu hayang
Aduh engkang playboy
Aduh playbpy aduh playboy
Engkang
Pameget mah dimana mana gé sami
Eukeur bogoh sok kokorowot
Eukeur geugeut keukeureuweut
Mun can beunang panasaran
Engkang panasaran
Posting Komentar untuk "Lirik Banondari - Azmy Z Feat Giri Harja Dua Putu"