Lirik Tatangga Kepo - Azmy Z Feat Kalia Siska

Lirik Tatangga Kepo – Azmy Z Feat Kalia Siska

Kepo urusan batur
Si éta mah osok ngatur
Bari ngobrol na sok ngawur
Bébéja jaba sok guyur

Teu kaop urang mun bungah
Si éta milu teu ngeunah
Mun sok barang beuli
Si éta siga nu nyeri

Urang anyar meuli motor
Si éta arék sakalor
Urang anyar meuli sapédah
Si éta siga nu ulah

Keun baé da nu kitu mah meureun geus adat na
Antepkeun kégé da bakal capéeun

Urang haneuteun usaha
Disangka urang mumuja
Padahal mah getol macul
Disangka ngungukut tuyul

Képo na boga tatangga
Su’udzon luar biasa
Padahal jalma nu ngarti
Tapi matak nganyeyeri

Sakapeung hayang nalapung
Dicarék kalah gegerung
Dilawan babari pundung
Nu kitu lebokeun maung

Keun baé da nu kitu mah meureun geus adat na
Antepkeun kégé da bakal capéeun

Keun baé da nu kitu mah meureun geus adat na
Antepkeun geus gering mah pasti ereun

Posting Komentar untuk "Lirik Tatangga Kepo - Azmy Z Feat Kalia Siska"